:

1 Samuel 3

1

Dina mangsa-mangsa eta, waktu Samuel kumawulana ka PANGERAN dina panalingaan Eli, carang aya timbalan PANGERAN. Titingalan gaib oge ti Mantenna langka aya.

2

Dina hiji peuting Eli ebog di pajuaran, socana geus meh teu iasa ningali.

3

Ari Samuel mondokna di kamar tempat nyimpen Peti Perjangjian anu suci tea, lampuna ngagateng. Sanggeus deukeut ka subuh,

4

PANGERAN ngagentraan ka Samuel, seug diwangsul, "Nun!"

5

Bari tuluy muru ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa teh nyaur?" Waler Eli, "Bapa teu nyalukan! Sare deui ka ditu." Samuel ngedeng deui ka enggonna.

6

Ku PANGERAN digentraan deui. Eta murangkalih teu terangeun yen anu ngagentraan teh PANGERAN, kawantu saumurna kakara harita digentraan ku Mantenna. Korejat deui muru ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa nyaur?" Waler Eli, "Henteu anaking, kami teu nyaur. Jung sare deui."

7

(3:6)

8

PANGERAN ngagentraan deui katilu kalina. Samuel muru deui ka Eli, unjukan, "Ieu abdi, Bapa ngagentraan." Geus kitu ku Eli kagalih yen anu ngagentraan ka eta murangkalih teh PANGERAN.

9

Saurna, "Sare deui bae. Lamun digentraan deui Ujang kudu ngawangsul, ‘Nun PANGERAN, sumangga ngandika, abdi sumeja ngupingkeun.’" Samuel balik deui ka enggonna.

10

Ti dinya PANGERAN sumping, ngadeg di eta kamar, lajeng ngagentraan kawas tadi, "Samuel! Samuel!" Samuel ngawangsul, "Sumangga ngandika, abdi sumeja ngupingkeun."

11

PANGERAN nimbalan, "Kami rek ngadamel hiji perkara anu matak gimir di Israil, matak bingung anu ngadenge.

12

Kami rek ngabuktikeun ancaman-ancaman Kami ka saeusi imah Eli ti mimiti nepi ka anggeus.

13

Eli ku Kami geus dibejaan yen manehna jeung saeusi imahna rek dikeunaan siksa sapapanjangna, sabab anak-anakna geus ngagogoreng ka Kami. Eli sangkilang nyahoeun kana kagorengan anak-anakna henteu nyarek-nyarek acan.

14

Mana Kami sumpah, yen kurban atawa sasajen naon bae oge moal bisa nyirnakeun kadorakaan kulawarga Eli anu sakitu bangetna."

15

Samuel tetep di enggon, turun-turun sanggeus isuk, tuluy mukaan panto-panto kemah PANGERAN, bari bingung kumaha ngabejakeunana eta tetenjoanana ka Eli.

16

Ti dinya Eli ngagentraan, "Samuel, Ujang!" Jawab Samuel, "Nun!"

17

Eli mariksa, "Nimbalan naon PANGERAN ka hidep? Caritakeun, ulah aya nu dikemu. Lamun aya anu dikilungan, tangtu hidep dibenduan ku Allah."

18

Ku Samuel dicaritakeun sabalakana teu aya nu disumputkeun. Ari saur Eli, "Mantenna teh PANGERAN. Sakersa-Na tangtu ngajadi."

19

Ari Samuel beuki ageung, disarengan ku PANGERAN. Timbalan PANGERAN anu dicaritakeun ku Samuel tea kabeh kajadian.

20

Ti dinya kaceluk ka sabangsa Israil di suklakna di siklukna, yen Samuel teh nabi Allah.

21

Sarta PANGERAN bakal terus ngebrehan di Silo, di tempat mimiti nembongan jeung nimbalan ka Samuel. Satiap Samuel micatur ku bangsa Israil terus digarugu.

Link: